Rabu, 25 November 2020

Rabu, 29 Juli 2020

PAGUNEMAN kelas 7 BAB 1

2020-07-29 08:45:03

PANGAJARAN 1

PAGUNEMAN

 

KOMPETENSI DASAR

3.1 Memahami dan mengidentifikasi kaidah, bentuk, struktur teks, dan unsur kebahasaan paguneman tentang menyapa, memperkenalkan diri, berpamitan, meminta izin mengucapkan terima kasih, meminta maaf serta menanggapinya sesuai dengan fungsi sosial, struktur teks, dan unsur kebahasaan.

4.1 Menyusun dan mendemontrasikan teks paguneman tentang menyapa, memperkenalkan diri, berpamitan, meminta izin, mengucapkan terima kasih, dan meminta maaf serta menanggapinya dengan memperhatikan fungsi sosial, struktur teks dan aspek kebahasaan yang benar dan sesuai konteks.

 

RANGKUMAN PEDARAN

Lawungan (Pertemuan) ka- 1

A. Conto Teks Paguneman

Baca conto paguneman ieu di handap!

  1. Conto Paguneman Panyapa (Ngawilujengkeun)

 Sétra :       “Assalamualaikum, kumaha damang Bapa?”

Pa Permana: “Waalaikumsalam, éh geuning Setra, alhamdulillah cageur Jang,     kumaha sawangsulna?”

Sétra:             “Alhamdulillah, aya hibar pangdunga ti sadayana.”

Pa Permana: “Nya sukur atuh ari papada waluya mah. Di mana ayeuna sakola téh?”

Sétra:             “Kaleresan abdi katampi di SMP Mundinglaya.”

Pa Permana: “Euleuh milu bungah atuh bapa téh ari hidep katampa di sakola favorit mah.”

Sétra:             “Muhun alhamdulillah.”

Pa Permana: “Terus ayeuna aya naon geuning tara-tara ulin ka dieu?”

Sétra:             “Utamina mah tos sono hoyong pendak sareng guru-guru, kalih ti éta badé naroskeun NISN manawi aya arsipna di sakola.”

Pa Permana: “Oh nya sok atuh tepungan Pa Ahmad, da anjeunna anu ngalereskeunana. Wayahna Bapa teu bisa terus maturan ngawangkong da kudu ka kelas. Sok didungakeun sing pinter sarta sing lancar sakolana. Aamiin.

Sétra:             “Sumuhun mangga, hatur nuhun kana pidua’ Bapa, permios. Assalamualaikum.”

Pa Permana: “Waalaikumsalam warohmatullohi wabarokatuh.”

 

  1. Conto Paguneman Ngawanohkeun Diri

Galih:        “Nepangkeun, abdi Galih ti SMP Guru Minda, dupi sadérék saha?”

Wirahma: “Oh abdi Wirahma wawakil ti MTs Subanglarang.”

Galih:        “Nuhun atuh tiasa ditepangkeun, mudah-mudahan tiasa gawé bareng dina ieu kagiatan.”

Wirahma: “Muhun nya, mangkaning salami tilu dinten urang kedah sasarengan, abdi mah nembéan da ngiring acara LDKS tingkat kabupaten téh.”

Galih:        “Sami abdi gé da nembéan, tapi alhamdulillah nya urang kéngéng kasempetan kanggo ngiring ieu kagiatan, mudah-mudahan wé tiasa nambihan pangaweruh sareng pangalaman.”

Wirahma: “Aamiin. Nu pangutamina mah urang tiasa nambihan réréncangan.”

Galih:        “Muhun nya, hayu atuh urang ka lebet aula bilih kabujeng dikawitan acarana.”

Wirahma: “Muhun, hayu.”

 

  1. Conto Paguneman Amitan

Rakha:    “Mbu, Rakha amitan badé mios ka sakola.”

Bu Ami: “Oh enya, tos sasarap teu acan?”

Rakha:    “Atos, Mbu engké Rakha wangsulna rada siang badé latihan Pramuka heula.”

Bu Ami: “Muhun, kadé kalangkung netepan lohor nya.”

Rakha:    “Moal atuh Mbu, Rakha mios heula nya, assalamualaikum.”

Bu Ami: “Waalaikum salam, kadé nya ati-ati di jalan.

 

  1. Conto Paguneman Ménta Idin

Rayi:            “ Pa, sasih payun sakola badé ngayakeun saba budaya ka Museum Sri Baduga, Rayi hoyong ngiring, kinten-kinten Apa ngawidian kitu?”

Pa Sukma:   “Euleuh Museum Sri Baduga anu di Bandung?”

Rayi:            “Sumuhun anu basa Rayi sareng Aa dicandak ku Mang Dadang téa.”

Pa Sukma:   “Har ari atos kantos dicandak ku Mang Dadang mah atuh teu kedah ngiring deui.”

Rayi:            “Atuh da resep Pa, ti payun waktos ka ditu téh tos sonten janten mung kabagian satengah jam da kabujeng badé tutup, janten teu acan kakuriling sadayana, panasaran Pa.”

Pa Sukma: “Oh kitu, ka mana deui salian ti ka Museum Sri Baduga saba budayana?”

Rayi:            “Saur Pa Guru mah saréngséna ti museum teras ka Saung Ujo badé nongton helaran angklung. Tah Rayi teu acan kantos ka dinya mah.”

Pa Sukma:   “Wah resep atuh ari teras ka Saung Ujo mah, salian ti nongton urang bakal diajak nabeuh angklung sasarengan.”

Rayi:            “Euleuh resep pisan atuh nya ari kitu mah, geuning Apa uninga?”

Pa Sukma:   “Pan ti payun kantos aya acara ti kantor.”

Rayi:            “Paingan atuh ari kantos ka ditu mah. Kumaha atuh ngawidian henteu Rayi ngiring saba budaya ti sakola téh?”

Pa Sukma: “Nya jung baé da loba mangpaatna pikeun nambahan pangaweruh jeung pangalaman hidep. Ngan omat niatna kudu bener-bener rék diajar, lain ukur ulin teu puguh.”

Rayi:            “Horé, hatur nuhun Pa atos ngawidian.”

Pa Sukma: “ Enya ngan kahadé di dituna kudu ati-ati sarta nurut kana sagala cariosan Bapa Ibu Guru anu ngaping, ulah sok bebelenyengan sorangan.”

Rayi:            “Sumuhun mangga.”

 

  1. Conto Paguneman Nganuhunkeun

Ginanjar: “Dan, keur naon euy mani jempling ti tadi teu kadéngé sorana?”

Ramdan: “Éh Jar, ieu keur maca dongéng, kumaha cageur ayeuna mah?”

Ginanjar: “Alhamdulillah geus teu leuleus teuing, nya éta kuring téh rék nganuhunkeun kana sagala kahadéan Dadan, anu geus mantuan mangnuliskeun pangajaran salila kuring gering, jadi teu tinggaleun teuing ari aya catetan mah, hampura wé nya geus ngariweuhkeun?”

Ramdan: “Ah teu nanaon Jar, teu singna riweuh kuring mah, geus sakuduna atuh silihtulungan jeung babaturan. Na gering naon kamari téh?”

Ginanjar: “Ari ceuk dokter mah tipes cenah, asa kakara kuring mah gering ripuh jiga kamari, sirah rieut, awak panas tapi tiris, sararebel jeung leuleus deui, ih mudah-mudahan ulah kaalaman deui.”

Ramdan: “Enya da katingalina gé mani ripuh jeung awak mani ngabegangan deui.”

Ginanjar: “Sabenerna mah poé ieu téh can meunang indit ka sakola dan masih kénéh kudu reureuh barang dua atawa tilu poé mah, ngan nya éta geus teu kuat ku kesel, ampir tilu minggu atuh da teu bisa ka mamana, jeung pangpangna mah hayang geura nganuhunkeun ka Ramdan anu geus haat mantuan kuring.”

Ramdan: “leuh atuh naha maké maksakeun bisi karugrag, mangkaning cenah ari karugrag mah sok leuwih ripuh. Perkara kahadéan kuring geus mangnyatetkeun teu kudu jadi pikiran da kuring mah itung-itung ngapalkeun wé teu singna ngarasa boga jasa. Hayu ah ayeuna mah urang bébéres da jigana guru-guru rék aya rapat jadi urang bisa mulang leuwih gancang.”

Ginanjar: “Enya hayu atuh, urang sakalian wé nyimpang ka imah kuring nya, neruskeun ngobrol bari ngopi colénak damelan Mbu geura ni’mat wayah kieu mah.”

Ramdan:    “Alhamdulillah, horéng aya rejeki haratis hayu atuh ah!”

 

  1. Conto Paguneman Ménta Dihampura

Malati: “ Rum, Arum hayu urang ka sakola!”

Arum:     “Nya ké tungguan sakeudeung keur sasarap heula.”

Malati: “Nya sok ditungguan dina téras nya.”

Arum:     “Di dieu baé atuh nungguanana méh sakalian sasarap.”

Malati: “Ah moal sok baé sing jongjon, kabeneran bieu téh Ati gé sasarap heula.”

Arum:     “Leuh hampura nya Ti,  jadi kudu ngalelengkur nungguan.”

Malati: “Ah teu nanaon da masih kénéh aya waktu, karék gé satengah tujuh moal kabeurangan ieuh.”

Arum: “Enya ngan angger wé Arum asa boga dosa, nya disampeur nya kudu nungguan, ari teu sasarap heula sieun salatri atuh da.”

Malati: “Puguh baréréa penting sasarap mah, apan kamari basa pangajaran olah raga Pa Asep nerangkeun kumaha pentingna sasarap pikeun kaséhatan. Lain ngan rada anéh Ati mah naha poé ieu Arum nepi ka kabeurangan sasarap, apan biasana ogé sok tanginas ari Ati nyampeur téh sok tos saged?”

Arum: “Puguh Si Ade panas peuting téh nepi ka sasar baé, jadi saréréa mondok téh geus peuting pisan, malah Mbu jeung Apa mah bada netepan subuh angkat ka rumah sakit nyandak Si Ade.”

Malati: “Euleuh baruk kitu? Hampura atuh nya da Ati teu apal. Mudah-mudahan baé Si Ade teu nanaon jeung teu kudu dirawat di rumah sakit.”

Arum:   “Enya pidua’na baé, ieu gé mani asa teu paruguh pipikiran.”

Malati: “Nya pasti kangaranan adi gering, tapi sing sabar wé nya. Hayu rada gancangan leumpangna bisi elat!”

Arum:     “Enya hayu!”  

 

  1. Conto Paguneman Lianna

BASA SUNDA MAH TEU HÉSÉ

 

Putri, Aska, Dani, jeung Roni dariuk di tepas imah Putri. Maranéhna kakara réngsé migawé pancén kelompok pangajaran basa Sunda. Terus ngarobrol ngeunaan basa Sunda.

Putri          : “Basa Sunda téh hésé nya?

Dani          : “Ceuk saha hésé?”

Roni          : “Loba anu nyarita kitu téh. Malah loba anu boga pamadegan lamun nyarita ku basa Sunda téh sok sieun salah. Anu matak cenah, enggeus wé nyaritana ngagunakeun basa Indonesia.”

Aska         : “Ari ceuk Ask amah, asa teu hésé, biasa wé. Geuning ayeuna gé urang nyarita téh apan ku basa Sunda. Tadi ogé apan nyawalakeun pangajaran basa Sunda, ngagunakeun basa Sunda.”

Dani          : “Enya, Ka. Basa Sunda mah henteu hésé. Tah, lamun pangajaran basa Sunda sok aya anu hésé, sarua wé jeung pangajaran séjénna, aya anu hésé, aya ogé anu babari.”

Putri          : “Babari sotéh ceuk Aska jeung Dani. Ari ceuk Putri mah, angger wé hésé. Buktina apan tadi ogé waktu sawala, loba direumbeuy ku basa Indonesia. Tah, sarua jeung Roni.”

Roni          : “Nyaan, hésé. Sok pahili baé menerapkanana ….

Aska         : “Ngalarapkeun ….”

Putri          : “Tuh, pan Roni mah geus maké basa Indonesia deui baé.”

Roni          : “Enya ngalarapkeunana meureun kata-kata keur sorangan jeung kata-kata  keur ka batur.”

Aska         : “Lain kata-kata atuh, kecap-kecap ….”

Roni          : “Euleuh, gening Roni mah masih kénéh réa salah nyarita ku basa Sunda téh nya. Masih pabeulit ngagunakeun kata … éh kecap ngalarapkeun. Acan bener tingkatan basana.”

Dani          : “Lain tingkatan basa, undak-usuk basa meureun?”

Roni          : “Enya, éta lah maksudna mah.”

Aska         : “Ayeuna mah undak-usuk basa téh disebutna tatakrama basa Sunda. Mémang loba anu nyebutkeun kitu téh. Padahal mah, Aska kungsi maca dina internet, kecap lemes keur ka sorangan jeung keur ka batur téh, henteu loba.”

Putri          : “Saperti kecap mios keur sorangan, angkat keur batur ….”

Roni          : “Dongkap jeung sumping, neda jeung tuang.”

Aska         : “Enya. Kecap-kecap saperti kitu téh kurang leuwih ngan aya 40. Teu loba sakitu mah. Lamun ku urang diapalkeun sapoé sakecap, sabulan ogé geus apal, moal pahili ngalarapkeunana.”

Dani          : “Jadi inget kana kasauran Ibu Tati kamari, bas amah kumaha kabiasaan. Lamun sapopoé dibiasakeun ngagunakeun basa Sunda, tangtu moal kagok mun nyarita ku basa Sunda.”

Aska         : “Bener éta téh. Anu nyebut hésé kana basa Sunda téh, bisa jadi ku lantaran henteu biasa ngagunakeun basa Sunda. Aska mah di imah sapopoé sok ngagunakeun basa Sunda wé. Kitu deui di lingkungan tatangga, lolobana mah nyararitana ku basa Sunda. Jadi henteu ngarasa hésé atawa karagok mun kudu nyarita ku basa Sunda téh.”

Roni          : “Tah, déngékeun Put, anu matak ari ngomong téh kudu dibiasakeun maké basa Sunda.”

Putri          : “Ah, sarua wé jeung Roni. Ngomong direumbeuy ku basa Sunda basa Indonesia.”

Roni          : “Ih, apan urang téh keur diajar nya, Dan?”

Dani          : “Anu penting mah kudu dibiasakeun jeung ulah éra ngagunakeun basa Sunda.”

Putri          : “Ari éta mah henteu, ngan sok sieun salah mun nyarita ku basa Sunda. Malah Putri mah bangga  jadi urang Sunda téh.”

Aska         : “Lain bangga atuh, tapi reueus, reueus jadi urang Sunda. Bangga mah atuh hésé.”

Dani          : “Pokona mah ulah aya anggapan basa Sunda téh hésé. Saur Ibu Tati ogé apan, hésé sotéh keur anu teu biasa jeung teu dibiasakeun ngagunakeun basa Sunda.”

Aska         : “Jeung ulah sieun salah deuih. Apan tadi ogé ceuk Roni, urang téh keur diajar. Salah sautak-saeutik mah wajar wé atuh. Tibatan henteu nyarita basa Sunda sama sakali.”

Putri          : “Putri mah ti ayeuna rék ngabiasakeun nyarita ku basa Sunda ah …”

 

NGADEGNA KABUPATEN BANDUNG

 

Putri          : “Kang, dupi ngadegna Kabupaten Bandung téh iraha?”

Kang Abi  : “Ngadegna Kabupaten Bandung kaping 20 April 1641 Maséhi. Anu mawi kaping 20 April dijantenkeun Milangkala Kabupaten Bandung.”

Putri          : “Sami henteu sareng ngadegna Kota Bandung?”

Kang Abi  : “Ih, henteu atuh. Kota Bandung mah palih dieu, ngadegna taun 1810 Maséhi. Ari anu dianggap hari jadi Kota Bandung nya éta waktos puseur dayeuh Kabupaten Bandung dialihkeun ti Karapyak ka sisi Walungan Cikapundung.”

Putri          : “Kumaha sajarahna téh, Kang? Abdi mah palay terang.”

Kang Abi  : “Kieu atuh sajarahna mah, anu singget baé nya. Kabupaten Bandung ngadeg taun 1641 dumasar kana Piagem Sultan Agung Mataram. Ari bupatina anu munggaran nya éta Tumenggung Wira Angun-Angun. Puseur dayeuhna di Karapyak ayeuna mah Dayeuh Kolot. Tah, nalika Kabupatén Bandung dibupatian ku Raden Adipati Wiranatakusumah II, puseur dayeuhna dialihkeun ka Kota Bandung ayeuna Pendopona anu aya di payuneun Alun-alun Bandung.”

Putri          : “Geuning ayeuna mah pendopo na aya di Soreang?”

Kang Abi  : “Apan waktos bupati Pa H. U. Jatipermana, awal taun 1990-an puseur dayeuh Kabupaten Bandung dialihkeun deui ka Soreang, dugi ka ayeuna.”

Putri          : “Janten misah sareng Kota Bandung nya , Kang?”

Kang Abi  : “Muhun. Kota Bandung misah ti Kabupaten Bandung taun 1906. Teras taun 2001, Cimahi misah ti Kabupaten Bandung, janten kota anu mandiri. Taun 2007, Kabupaten Bandung dibagi dua deui, janten Kabupaten Bandung sareng Kabupaten Bandung Barat. Kitu tah sajarah singgetna mah.”

Putri          : “Tapi Kabupaten Bandung masih kénéh kaétang lega nya, Kang.”

Kang Abi  : “Muhun, Kabupaten Bandung ngawengku 31 kacamatan, 277 désa sareng kelurahan. Putri uninga henteu Bupati Bandung anu ayeuna?”